Literasi Rakyat Merupakan blog yang memuat tulisan-tulisan artikel opini tentang pendidikan, petualangan, karya puitis serta informasi berita-berita secara umum.

Breaking

Post Top Ad

Your Ad Spot

Sunday, July 7, 2019

Diajar bahasa Sunda Undak-Usuk Basa Mimitian ti Abjad A



Basa Teh cicirén bangsa, cirina leungit bangsa na leungit, kuring kapikiran dina kondisi atau fenomena ayeuna dimana urang Sunda era make basa sunda sabab sieun salah oge sieun teu sopan. Emang, rasa kasieun teh alus sabab geus nunjukeun yén manehna sadar lamun ngomong basa Sunda teh lamun ka kolot atau kasaluruheun, kabarengan, ka sahandapeun aya aturanna lamun teu diterapkeun sarua jeung teu saluyu jeung sopan santun dina kahirupan sapopoe. Ngan Anu salah didieu lamun urang sieun salah, kalah tuluy make basa sejen sabab era sieun salah lamun make basa Sunda, oge sieun teu sopan.

Kabeh jelema ge hirup gubrag kadunya teh teu langsung bisa, da eweuh caritana jelema gubrag kadunya langsung bisa ngomong basa Sunda. tong boro ngomong basa Sunda ku ngomongna hungkul oge pasti di ajar.

Kukituna simkuring didieu rek ngabagikeun informasi ngenaan undak-usuk basa (ragam basa: Basa Loma jeung basa Lemes). Tujuanna ngarah urang salaku urang sunda minimalna apal undak-usuk basa, oge  apal basa Sunda nu lemes keur ka sorangan jeung kabatur.

UNDAK USUK BASA
(RAGAM BASA: BASA LOMA JEUNG BASA LEMES)

No.
Basa Loma
Basa Lemes
(Keur Ka Sorangan)
Basa lemes
(Keur Ka Batur)
1.
abus, asup
lebet
lebet
2.
acan, tacan encan
teu acan
teu acan
3.
Adi
adi
rai, rayi
4.
Adu
adu
aben
5.
Ais
ais
emban
6.
ajang, keur pikeun
kanggo
haturan
7.
Ajar
ajar
wulang
8.
aji, ngaji
ngaji
ngaos
9.
Akang
akang
engkang
10.
Aki
pun aki
tuang eyang
11.
aku, ngaku
aku, ngaku
angken, nganken
12.
Ali
ali
cingcin,lelepen
13.
Alo
pun alo
kapiputra
14.
Alus
sae
sae
15.
ambeh, supaya, sangkan
supados
supados
16
Ambek
ambek
bendu, wera
17
ambeu, ngambeu
ngambeu
ngambung
18
amit, amitan
permios
permios
19
Anak
pun anak
putra, tuang putra
20
Anggel
bantal
bantal, kajang mastaka
21
anggeus, enggeus
Rengse
parantos
22
angir, diangir
dikuramas
dikujamas
23
anjang, nganjang
ngadeuheus
natamu
24
Antara
Antara
antawis
25
anteur, nganteur
jajap, ngajajapkeun
nyarengan
26
anti, nganti, dago, ngadagoan
ngantosan
ngantosan
27
arang, langka
awis-awis
awis-awis
28
Arek
bade, seja
bade, seja
29
arep, ngarep-ngarep
ngajeng-ngajeng
ngajeng-ngajeng
30
Ari
Dupi
dupi
31
asa, rarasaan
raraosan
raraosan
32
Asal
Kawit
kawit
33
aso,ngaso
Ngaso
leleson
34
Astana
pasarean
pajaratan
36
Atawa
atanapi
atanapi
37
ati-ati, kade
ati-ati
atos-atos
38
atoh, bungah
Bingah
bingah
39
Awak
Awak
salira
40
Awewe
Awewe
istri
Sumber: Hadi (2009, hlm 12-13)

                Artikel mimiti ieu simkuring ngaposting undak-usuk basa mimiti ti abjad A, keur kapayunna bakal aya deui ti abjad B jeung abjad nu lainna. Mangga kanu bade komentar sareng aya saran nu lian tiasa ditulis dikomentar dihandap.. Hatur nuhun..
Sampurasun....

Sumber :
Hadi, Ahmad dkk. (2009). Peperenian (kandaga, Unak-anik, Tutungkusan jeung rusiah basa Sunda). Bandung: Geger Sunten



Hatur nuhun parantos maca postingan blog Literasi Rakyat, mangga pencet tombol follow sangkan apal pemberitahuan terbaru ti blog Literasi Rakyat...

No comments:

Post a Comment

Post Top Ad

Your Ad Spot

Pages